• Hong!

    Baso Mang Enjum Goes to White House

    Saha anu nyangka atuh? Euweuh! Euweuh anu nyangka yen Mang Enjum bakal jadi jugala kagila-gila siga danget ayeuna. Jalma rea asalna wawuh ka Mang Enjum teh ngan saukur ku pedah boga warung baso di palebah parapatan kampung Cicalung desa Ciledug. Sok sanajan warung baso teh kungsi dingaranan ku manehna "Cinta Rasa", tapi balarea angger ngalandihna teh warung baso Mang Enjum weh, nelah ka nu bogana.

    Kusabab warung baso Mang Enjum aya di pengkolan paragi ngetem angkutan padesaan, jeung rasa basona teu nguciwakeun, atuh puguh wae rame nu mikalandep baso manehna teh. Sakapeung mah warung baso teh nepi ka kawalahan, kusabab nu ngalayanan pelanggan teh ukur Mang Enjum jeung pamajikanana. Lolobana (kira-kira 87,54% ceuk survey leuleutikan beunang Mang Enjum sorangan) nu ngalanggan baso teh para siswa, ngaburudulna kira-kira jam bubaran sakola.

    Sok sanajan rame nu ngalanggan, tapi ari kahirupan Mang Enjum mah angger weh saaya-aya, basajan pisan. Lain sakali dua kali Bi Enjum sok nepi ka rada ngarasula, kusabab panghasilan salakina teu nyukupan keur nutup kabutuhan sapopoe. Komo ayeuna barudak Mang Enjum geus sakola di SMP jeung SMA, atuh beuki loba wae itu ieu kahayang jeung kabutuhan anu dipenta ku Bi Enjum ka salakina.

    Mun geus teu bisa ngajawab gerewek pamenta pamajikanana, Mang Enjum ahirna sok ngabetem. Apal pangadatan, Bi Enjum biasana eureun rewelna, da mun diteruskeun mah Mang Enjum sok ngamuk siga jalma teu sadar, meh jiga nu kasurupan. Cenah mah baheula keur ngorana Mang Enjum pernah guguru pamacan tapi teu sampurna...

    ***

    Eta mah carita kaayaan baheula nu kacida matak rudetna. Ayeuna mah geus beda pisan, geus obah saratus dalapan puluh darajat. Lain ngan ukur warung basona ngalegaan jeung gaya, teu eleh agrengna ku Warung Nasi Padang franchise "Basuo Basamo" boga Juragan Fauzi, tapi oge ayeuna mah nepi ka kabeuli mobil sagala Mang Enjum teh.

    Barudak Mang Enjum nu duaan, Jang Otong jeung Nyi Encar, ayeuna geus teu kudu pasesedek deui naek angkutan padesaan mun rek indit jeung mulang sakola. Duanana dipangmeulikeun motor hiji sewang jang kaperluan maranehna nungtut elmu. Kamerna oge geus misah, da imah Mang Enjum anyar direhab. Malah kamer barudak mah geus boga komputer sewang-sewangan, anu nyambung kana internet kecepatan tinggi. Jang Otong jeung Nyi Encar oge teu poho dibekelan henpon edisi anyar ambeh teu hese komunikasi.

    Singgetna mah, kahirupan Mang Enjum geus jadi sabiwir hiji jadi buah catur balarea. Loga nu kataji ku parobahanana, alus milik ceunah, tapi aya oge anu boga sangkaan goreng, pajar ngipri ceunah, kusabab ngadadak beunghar siga nu kaurugan emas wae.

    ***

    "Mang Enjum, kumaha damang?" kitu kalimah pamuka eusi surat anu katampa ku Mang Enjum. Surat teh dianteurkeun ku kurir langsung ti Jakarta.

    Si Kurir teh pagawe kedubes nagara deungeun. Manehna nungguan nu maca surat bari ngalimed ngahanca baso nu disadiakeun ku pamajikan Mang Enjum. (Ieu geus mangkok kadua, kusabab Mang Enjum bulak-balik maca surat teh siga nu teu anggeus-anggeus. Antara teu percaya eusina jeung susah ngejah tulisan ti nu nulis surat sigana teh!)

    "Duh, ngarepotkeun nya...," cenah ceuk kurir teh basa nampa mangkok baso kadua ti Bi Enjum. Nyaan urang Sunda aslina mah geuning. Teu lila manehna geus ngadekul deui ngahanca baso.

    Kurir surat sok sanajan ngaku gawe di kedutaan di Jakarta, tapi asli bangsa urang. Dibere dua mangkok baso teh teu lemek teu nyarek neruskeun ngahanca daharna. Saliwat katembong ku Mang Enjum, kurir teh bangun nu ceurik bakating ku lada basona. Salah sorangan sambel tilu sendok diabrukkeun kana mangkok, bari jeung didahar terus, padahal cai jang nginum teh anu panas kacida. Puguh weh watir...

    Mang Enjum neruskeun maca surat. Kabeneran wanci isuk-isuk keneh mah nu meuli baso ge can aya, jadi jongjon nampa tamu teh.

    "Abdi teh salah sawios mahasiswa anu ngiring Kuliah Kerja Nyata sababaraha taun kapengker, Mang. Unggal dinten abdi ka warung baso Mamang da kataji ku rasa baso damelan Mang Enjum. Estuning raos tur matak wareg. Aya ciri khas anu teu kapendak di warung baso sanes, Mang!"

    Hemmm, boa-boa kusabab caina meunang ngala ti wahangan kitu nya? Kitu pamikir Mang Enjum. Padahal cai wahangan teh sok dipake warga kampung wetan keur inpestasi alias nabung! Beu, cilaka... Heuheu, seuri leutik Mang Enjum teh dina hatena.

    Ah, Emang mah tos hilap boa nya ka abdi teh? Abdi nu dilandi Asep Bule alias Si Sebrod tea Mang. Satutasna kuliah teh abdi neraskeun kuliah S2 sareng S3 di US, Mang. US teh Amerika Serikat tea. Pan memang pun Bapa mah pituin urang Washington, pami pun biang memang urang Rancah Ciamis.

    Abdi ayeuna ngiring didamel di White House Mang (cara maosna 'wait haus' nya Mang). Abdi oge salah sawios staff anu ngiring dina rombongan Presiden Barack Obama waktos anjeuna sumping ka Istana Merdeka sawatara waktos kapengker, Mang. Lah, panginten Emang oge uninga da tangtos disiarkeun di tipi nya?" eusi surat teh estuning alus basa alus tata pisan keur ukuran Mang Enjum mah. Teu percaya nu ngirimna jauh ti Washington Amerika, teuing di daerah mana eta teh, teu kabayang ku Mang Enjum mah.

    Lain disiarkeun deui atuh datangna Presiden Obama mah, malah teu sirikna minuhan rohangan warta berita jeung liputan dina tipi. Nepi ka harita Bi Enjum kukulutus, "Lah aing mah, naha berita teh eta deui eta deui atuh nya... Moal aya pangaruhna keur urang saha nu datang oge lah... Ampun aing mah... Bosen! Mending nongton sinetron..."

    "Mang, pidato Presiden teh oge ditongton ku para padamel di Gedung Putih. Eta kalimah 'Baso... Sate...' janten sabiwir hiji didieu. Panasaran babaturan abdi para staff teh. Ti ngawitan level pangluhurna dugi ka tukang ngurus kembang di buruan Gedung Putih nararoskeun ka abdi, kusabab terangeun abdi mah pernah cicing di Indonesia, jeung aya getih Ciamis. Nararoskeun, 'Ari Baso teh naon?'

    Ku abdi ditawisan, 'haroyong baso kitu'. Arunggeuk Mang! Ti harita abdi gaduh pikiran hoyong ngadongkapkeun Baso Mang Enjum kadieu. Da keur abdi mah teu aya baso nu langkung raos ti baso Mang Enjum!"

    Nepi ka palebah dinya teu karasa dada Mang Enjum ngalegaan... Kapeurih hirup teh ujug-ujug leungit.

    "Abdi tos tekad bade muka kios alit di lebet Gedung Putih, husus kanggo icalan baso Mang! Malah abdi tos wawartos ka Kang Obama (da abdi mah biasa nyebat kitu pami ngobrol duaan teh Mang), anjeunna masihan widi, malah bingaheun pisan. Titip salam cenah kangge Mang Enjum, diantos basona enggal! Panasaran pisan anjeuna oge.

    Perkawis ngintunna mah gampil Mang, abdi tos kontak ka salah sawios staf di kedubes di Jakarta. Kumargi pengiriman baso Mang Enjum teh menyangkut kepentingan katuangan para pegawai Gedung Putih, janten pengiriman kenging prioritas tingkat tinggi ti pamarentah Amerika Serikat."

    Prioritas tingkat tinggi teh meureunan siga basa Pa Kuwu marentahkeun Si Selud hansip desa ngawal artis dangdut ibukota nu diondang basa nyepitan putrana, pikir mang Enjum. Si Selud kuat ka barengep da gelut jeung si Pohang sabalad-balad preman kampung, nu niat hayang salaman jeung artis dangdut tea.

    "Mugi Mang Enjum kersa nya ngintun baso tea, dan upami didamel didieu mah tangtos benten rasana, kumargi benten panangan anu ngadamel sareng ngaracikna. Diantos pisan Mang waleranana," kitu pungkasan surat teh. Dihandapna aya tandatangan jeung ngaran nu ngirim "Asep Jebrod (Broody McGregor)". Mang Enjum kakara apal eta ngaran aslina si Asep Bule alias Asep Jebrod lalandian babaturanana basa KKN di desa Ciledug.

    ***

    Pondok carita, baso Mang Enjum teh ahirna jadi diekspor ka Gedung Putih. Ti desa Cicalung teh dipapag make mobil box husus bertehnologi canggih, dibungkus ku ahli nu didatangkeun ti Jakarta. Ti bandara, paket teh diasupkeun kana beuteung pesawat kargo anu langsung ngapung ka Washington.

    Nyaan, usaha Asep Jebrod aya dina kamajuan. Dollar teu eureun-eureun dikirim ka Mang Enjum nepi ka kabeuli sagala rupa jeung ngadadak jadi jutawan dina itungan bulan. Kabeh arolohok, aya nu muji aya nu goreng sangka. Mang Enjum nepi ka bisa nyieun tajug sagala di sisieun imahna. Lahan sawah sabudeureun imahna dibeuli kabeh, da bosen ceunah boga imah teh mani hareurin pisan. Mobil, motor, baju anyar... Urusan dunya barana mah geus teu boga kakurangan deui. Sagala geus cukup...

    ***

    "Hudang ieuh! Hudang!!" sora Bi Enjum mani nongtoreng dicongokeun pisan kana palebah ceuli Mang Enjum. Reuwas alah batan nyium istrikaan, Mang Enjum ngarenjag bari gigisik. Tapi barang geus sidik aya jirim pamajikanana di gigireun dipan mah, kalah golehe deui nyangkere nukangan nu ngagorowok.

    Bi Enjum molotot. Pokna deui, "Bapana, eling atuh deuleu! Istigpar ieuh! Istigpar!!"

    Mang Enjum teu lemek teu nyarek. Kalah weh sarungna dibetot nutupan sirahna, bari angger nukangan pamajikanana anu lalaunan diuk dina dipan.

    "Bapana, geus ulah kamalinaan. Keun wae warung kahuruan mah da geus takdir. Urang pasrah kana papasten wae. Perkara hutang urang tutup ku duaan, hayu ihtiar deui. Apanan ceuk uing oge harita mendingan ulah make gas, ulah... loba kacaritakeun kalah bitu, ngabeledug! Alhamdulillah ieuh, urang mah salamet keneh... Hirup keneh! Imah oge salamet, ukur warung jeung gorobag nu beak kaduruk teh..."

    Teu nembalan, ukur kadenge sora ambekan Mang Enjum rada tarik.

    "Keun wae bapana, geus tong diingetan wae...," Bi Enjum nu biasana galak teh leuleuy ngupahan Mang Enjum.

    Pokna deui, "Meureun geus jadi jalan hirup urang ngalaman ieu oge... Urang tarimakeun wae, bapana! Cikeneh uing tas mulang ti Pa Haji Oding. Alhamdulillah dibantuan modal urang teh, malah anjeuna rek kadieu engke peuting ceunah, da ku kuring dibejakeun Bapana keur gering. Ieu uing mawa duitna, bapana... Geus, ayeuna mah sing berag nya! Karunya si Otong jeung si Encar butuheun bapana... sing inget nya, Bapana...!"

    Sora Bi Enjum ditungtungan ku rada dareuda. Cimata teu kaampeuh murubut maseuhan pipina...

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi