• Hong!

    Gara-gara Maturan Nu Nongton Ngadu Bagong

    "Ari maneh nanahaon kalahka hulang-huleng didieu, Lud?"

    Sora teh ngagareuwahkeun nu keur ngalamun. Sihoreng sirah Mang Jumin geus miheulaan ngelol dina panto pawon, sanajan awakna nyumput keneh diluar pawon. Nu datang teh gogodeg sakeudeung, terus nyampeurkeun ka jero pawon. Si Selud angger cinutrung di hareupeun suluh hawu nu ruhay.

    Nu didatangan teh kalahka angger cicing teu ngomong saeutik-eutik acan.

    "Beu, ieu mah ditanya teh kalah aksi bisu ningan..., " Mang Jumin semu rada keuheuleun, "Lain maneh teh keur tugas di kacamatan?"

    Nu ditanya narik napas jero pisan, laju dileupaskeun sakaligus bangun nu seunggah ngajawab.

    "Uing dipecat Mang...," alon pisan jawaban Si Selud teh.

    "Harrr... Naha bisa kitu?" Mang Jumin antukna diuk ngadeukeutan teko jeung bubuy sampeu. Camuil camuil dina itungan sekon satutasna diuk tea.

    Si Selud, pamuda lulusan SMP teh menerkeun diukna dina jojodog. Ayeuna mah nyanghareup ka Mang Jumin. Najan katembong ku Mang Jumin, alona teh gagah pisan make baju hansip, tapi beungeut Si Selud alum ngungun bangun taya harepan hirup deui.

    Bari muka sapatu lars-na, torolang ngadongengkeun kajadian tadi isuk.


    ***

    Pa Kuwu ngamuk tadi isuk! Sababna Jang Oman leungit ti rohangan jaga di kacamatan Cikored. Pamuda calon ulis desa Ciledug teh dititipkeun ti poe Saptu kamari di kacamatan kusabab bale desa Ciledug kurang pagawe. Jang Oman teh kalibet kasus nilep setoran pajeg usaha ti CV. Senang Gampang. Poe Minggu isuk ieu kuduna Jang Oman 'disidang' hareupeun Pa Camat, tapi 'tertuduh' teh teu nyampak di kantor kecamatan. Ukur aya Si Selud nu jadi sasaran esmosi Pa Kuwu.

    Ti mumunggang Pasir Jengkol pausahaan CV. Senang Gampang ngangkutan taneuh anu dibeuli ku pausahaan sejen keur diolah jadi campuran prodeuk keramik mahal. Hasil ngeruk pasir teh lain eutik-eutik jadi duitna, teu pernah kabayang ku urang lembur Cibiuk nu sok pirajeuneun ngarala suluh ka lebah dinya. Urang lembur mah ngan apalna teh aya sarupaning cadas weh anu rada teuas di Pasir Jengkol.

    Mimiti kanyahoan aya bahan campuran keramik teh kusabab aya mahasiswa tehnik UNSALUS (Universitas Asal Lulus) anu KKN di Cibiuk. Basa ulin ngulampreng ka leuweung Pasir Jengkol, mahasiswa tinemu jenis taneuh anu istimewa. Sababaraha taun ti KKN tea, salah saurang mantan mahasiswa teh balik deui ka Cibiuk, mawa tilu jelema nalungtik Pasir Jengkol.

    Ibur weh yen Pasir Jengkol teh aya bahan tambang logam berharga. Lain emas tapi mahal hargana pajar teh. Tapi angger weh, ari urang lembur mah da teu ngarti kumaha ngolahna, ukur milu guntreng ngobrolkeunanan. Nu puguh mah meunang kebul tina balawirina treuk anu ngangkutan taneuh, oge jadi loba jalma ti luar desa anu ngaliwatan jalan desa, arindit atawa marulang ti Pasir Jengkol. Ti mimiti anu make dasi, topi proyek... nepi ka awewe carentil nu malenor oge aya nu ngaliwatan jalan desa, pajar rek ka Pasir Jengkol, teuing rek naon.

    ***

    Jang Oman teh tugasna mantuan Pa Ulis dina narima catetan pajeg ti CV. Senang Gampang. Kuduna taun ieu eta pausahaan setor kana 5 jutana ka desa, ngaleutikan ti taun kamari anu 10 juta. Cenah mah bahan logam teh geus ngurangan, teu bisa ngahasilkeun leuwih loba deui. Otomatis pajegna oge ngaleutikan.

    Asalna euweuh nu curiga ka Jang Oman, ngan orokaya 'bola panas' bergulir ti barudak karang taruna, pajar Jang Oman geus meuli hape alus merk BlekMeri. Sigana kusabab aya pamuda sejen anu sirikeun, kusabab teu mampu meuli hape alus tea, antukna Pa Kuwu dilaporan pamuda nu curiga Jang Oman kalibet korupsi.

    Ongkoh deuih sok sanajan Jang Oman ukur jadi pagawe handap di bale desa, tapi geus kabeuli motor anyar sagala. Padahal pangkatna ukur wakil Pa Ulis, can aya kalungguhan anu payus jeung kahirupanana anu beuki gaya. Baju alanyar, hape anyar, motor anyar... padahal bubujang keneh. Atuh puguh we loba anu patingkecewis, pajar teh Jang Oman disuap ku CV. Senang Gampang. Korupsi cenah ceuk gosip para pamuda mah...

    Kumaha jawab Jang Oman? "Lah, saririk nya barudak teh... Kecemburuan sosial lah. Ieu mah tina hasil fee kuring weh jadi konsultan!"

    Nyaho isitilah fee sagala. Aya kukituna, Jang Oman teh ukur lulusan SMK jurusan otomotif, tapi bisa jadi konsultan sagala. Tugas manehna cenah nuduhkeun para pagawe penggalian, dimana tempat keur ngagali taneuh anu pas. Tiap nuduhkeun tempat Jang Oman meunang duit. Puguh we teu dipercaya alesan teh, da nu pasti mah ngagalina didinya-dinya keneh, katembong ku urang lembur.

    Kusabab sering gaul jeung pagawe pausahaan galian tea, cara ngobrol Jang Oman oge jadi beda. Gaul jeung barudak karang taruna geus tara deui. Antukna para pamuda malik tambah cua ka manehna.

    ***

    Sabuni-bunina nyumputkeun rusiah, ahirna katohyan oge. Jang Oman 'ditewak' ku Pa Kuwu, kusabab Direktur CV. Senang Gampang ditewak ku pulisi, kalibet penambangan tanpa ijin. Pa Direktur pausahaan galian teu nampa disebut usaha penambangan ilegal, da ceunah unggal taun oge setor ka bale desa. Taun kamari 10 juta, taun ieu malah 15 juta.

    Ngadenge angka 15 juta teh, Pa Kuwu reuwas terus nyel weh napsu. Kusabab duit anu katarima teh ukur 5 juta, ditambah 500 rebu anu nyangsang kana anderok pamajikanana. Beu, berarti aya 10 juta anu leungit ana kitu mah. Kapanggih weh yen Jang Oman kongkalikong jeung pagawe bagian akunting CV. Senang Gampang, nilep anu 10 juta. Paingannn!!

    Jang Oman ditewak isuk-isuk basa keur nagog dina jamban luhureun balong tukangeun imahna, bari keur asik utak utek mesenjeran jeung kabogohna anu aya di desa tatangga. Eta memang kabiasaan manehna unggal isuk, nepikeun aya sajam stand by dina jamban.

    Teu walakaya, ngaku kana dosana. Poe eta keneh Jang Oman dititipkeun ka kantor kecamatan. Pa Kuwu geus buleud tekad rek ngalaporkeun kasus ieu ka Pa Camat, sabab Pa Camat oge sarua meunang bagian teh teu nepi ari 10 juta mah tiap taunna.

    Kusabab Pa Camat keur aya kunjungan studi banding ka Bali, Si Selud jeung Pa Ohim -duanana hansip desa Ciledug- ditugaskeun ngajaga Jang Oman. Dua hansip teh kacida bungaheunana dibekelan duit lima puluh rebu sewang keur nungguan Jang Oman. Minggu beurang Pa Camat bakal datang, kitu ceuk Pa Kuwu.

    Okey lah, lumayan lima puluh rebu tambahan jang jajan yeuh. Jaba ukur nepi ka Minggu beurang. Komo bari jeung jang dahar mah disadiakeun ku Bi Enah pagawe kecamatan. Kantor kacamatan Cikored teh memang aya di wewengkon desa Ciledug oge.

    ***

    "Gara-garana mah Saptu kamari teh Jang Oman aya jangji jeung kabogohna, Mang!" Si Selud kaciri pisan keuheulna bari nyarita teh. Mang Jumin unggut-unggutan. Suruput cikopina diuyup bangun nu ni'mat kagila-gila.

    Jang Oman teh ti mimiti dibawa ka kantor kecamatan geus kaciri gulinggasahan. Najan ditempatkeun di rohangan tukang deukeut imah penjaga kantor, jauh tina panalingaan pagawe kecamatan jeung para warga, tapi angger weh beungeut Jang Oman beuki beurang beuki sepa.

    "Lud..," Jang Oman semu lumengis ngajak badami ka Si Selud jeung Mang Ohim, "Tulung lah Lud, Mang Ohim... Nya, tulung... pelis lah..."

    Mang Ohim jeung Si Selud silih reret. Duanana nyerengeh. Pelis?

    Jang Oman teh geuningan aya jangji jeung Neng Epoy kabogohna ti Desa Ciendut. Poe Saptu ieu aya hiburan ngadu bagong di sisi lembur Cipedut, hiburan kameumeut Neng Epoy, anu can tangtu unggal bulan diayakeunana. Numatak sora hape BlekMeri Jang Oman teu eureun-eureun disada, Neng Epoy nu can apaleun kasus Jang Oman ngancam, mun teu jadi nongton mah alus mun putus wae ceunah.

    Mangkaning Jang Oman teh geus bebeakan melaan hayang jadi kabogoh Neng Epoy. Sagala ditedunan kahayang kembang desa Ciendut teh. Komo nempo 'peminat' Neng Epoy sakitu riabna mah, Jang Oman geus tekad naon wae jalanna kudu ditempuh. Ngan ukur duit mah bisa diakalan, kitu pikirna. Sok sanajan kulawargana kaasup nu nampa raskin, tapi ah eta mah masa lalu. Ayeuna Oman geus ngajanggelek jadi calon ulis nu gaya tur loba duit.

    "Mun teu janten nongton ngadu bagong mah, wios abdi bade milih pegat wae Kang..." kitu unina SMS ti Neng Epoy teh. Numatak Jang Oman beuki sepa beungeutna, da geus kabayang tada teuing rugina lahir batin mun teu jadi kabogohna deui. Kabeulit ku kasus mah keun wae lah, tapi ulah nepi ka kabogoh oge leupas, kitu ceuk pamikirna.

    "Tilu ratus rebu sewang, Lud, Mang Ohim...," pangolo Jang Oman memang lir ibarat madu.

    Sabenerna tibarang Jang Oman nawaran saratus rebu ewang oge, boh Si Selud boh Mang Ohim geus curinghak. Tapi pan kudu jaim jeung ulah kaciri teuing, jadi weh dua hansip teh api-api teu butuh. Padahal Mang Ohim langsung ngabayangkeun tada teuing pamajikanana nu galak bakal atoheun, oge Si Selud geus mikir rek ngaganti hapena, tukeur tambah di konter hape Rudet Cell nu aya di sisi lembur.

    "Tapi awas tong macem-macem siah! Mun coba-coba kabur, tanggung akibatna!" Mang Ohim ngacungkeun pentungan hansip ka Jang Oman. Nu diancam ukur unggeuk, terus ngodok pesakna, ngaluarkeun loketna. Alus loket teh, jeung kaciri kandel. Golosor saratus rebuan salambar-salambar keur Si Selud jeung Mang Ohim.

    Si Selud bari kerung nanya, "Har, naha ngan saratus?"

    Jang Oman imut pinuh kawijaksanaan. "Engke atuh Lud, mun uing geus beres nongton kakara dibikeun nu dua ratusna..."

    Pembagian tugas teh, Mang Ohim nu maturan Jang Oman nongton acara ngadu bagong, Si Selud nu nunggu di kantor kecamatan. Bisi aya nanaon, Si Selud bakal langsung kontak make hape ka Jang Oman, supaya buru-buru balik ka kantor kecamatan. Mun Pa Kuwu ujug-ujug datang, alesanana Jang Oman keur berobat. Alesan standar lah, tapi Pa Kuwu pasti nampa, kitu pamikir Mang Ohim nu ngadadak pinter.

    ***

    "Nepi ka sore teh euweuh nanaon Mang, " Si Selud neruskeun dongengna, "Tapi basa tepi waktuna mulang, Jang Oman kalah menta meuting di imahna, ceunah mah bisi asup angin lah meuting di rohangan kantor kecamatan mah. Mun dibere ijin ku uing, manehna bakal nambahan dua ratus rebu deui keur uing jeung Mang Ohim..."

    "Tah, eta meureun maneh teh tambah salahna nya Lud?" Mang Jumin bangun anu manghanjakalkeun pisan.

    "Pan maneh teh jeung Mang Ohim boga tugas ngajaga Jang Oman. Eta teh tugas penting, tugas pengawal keamanan kampung. Pan maneh jeung Mang Ohim teh bayangkara kampung deuleu... Cik atuh sing inget sumpah jabatan lah!"

    Si Selud ngaheruk.

    "Enya Mang," jawabna, "Ari sugan teh Pa Kuwu moal datang isuk-isuk... Jadi weh katohyan Jang Oman kaluar ti kantor Kecamatan lila teuing..."

    "Lain lila jeung sakeudeung, Lud. Tapi ieu mah maneh ngalanggar kana aturan!" Mang Jumin daria pisan. Pananyana daria pisan, "Terus, Jang Oman teh mayar nya sesa duitna?"

    Si Selud ngarahuh, terus ngeluk deui siga bueuk meunang mabuk tujuh kali ku panakol bisbol.

    "Ari mayarna mah mayar Mang, jadi uing jeung Mang Ohim meunang 500 rebu ewang ti Jang Oman. Tapi kuring leungit seragam jeung jabatan keamanan kampung yeuh, sabab Pa Kuwu ngamuk gara-gara Jang Oman meuting di imahna..." jawabna laun pisan.

    "Kudu tobat maneh teh Lud, ulah neangan duit ku cara gampang tapi harom deuleu..."

    Si Selud ngeluk.

    Jempling sakedapan. Tapi teu lila duanana meh ngajengkat bakating ku reuwas. Hape Si Selud disada tarik pisan, ringtonna lagu "Keong Racun" nu kamashur tea, dina volume nu meh matak katorekan.

    "Halow!" si Selud ngajawab telepon semu seunggah. "Aya naon Jek?"

    Kadenge sora nu ngajawab ti tina hape merk cina boga si Selud. Hape teh ukuranana badag tapi kaciri geus daroat, ma'lum dibawa boh keur jadi hansip atawa keur ngarit. Murag mah geus langganan, malah pernah katincak rombongan meri nepi ka aya kenopna anu macet. Jadi weh ayeuna oge aya hurup nu hese dipencet. Tapi ari sorana mah tarik handaruan, mun ditempelkeun kana ceuli teh meh matak torek.

    Marahmay si Selud teh beres nelepon mah, laju nangtung terus muka sergam hansipna. Mang Jumin olohok.

    "Mang, hampura ditinggalkeun nya!" pokna teh. Marahmay ayeuna mah, "Aya proyek diajakan si Kojek. Lumayan lah!!"

    Si Kojek kakara meunang pangbagi masker ti dinas kesehatan cenah. Bisi Cikored kasawer ku lebu Merapi di Jogja, jadi warga baris dibagi masker saurang hiji haratis. Komo da di Tasik mah geus aya hujan lebu teh ceunah, apotek oge nu ngajual masker jadi ngadadak payu.

    Teuing kumaha carana, si Kojek meunang masker nepi ka 200 lambar! Ceu si Kojek, salambarna bisa dijual sapuluh repuan mun di Jogja mah. Tah didieu mah urang jualan lima rebuan wae cenah teh.

    "Haram meunang duit tina cara kitu mah, Lud!" Mang Jumin angger teu satuju.

    Mang Jumin ukur tambah molohok basa Si Selud geus ngajengkat rek indit. Tapi basa geus meh kaluar ti pawon, Mang Jumin inget kana pangacianana. Laju buru-buru meh ngagorowok.

    "Lud!" pokna teh. Nu digero ngalieuk.

    "Naon Mang?"

    "Cikan atuh sing aya kainget lah! Emang teh puguh keur butuh pisan duit, Lud. Embi maneh geus gegerewekan wae ti kamari, pajar teh era teu boga tudung nu alus ceunah jang indit ka pangajian... Apanan ilaing aya duit lin?"

    Si Selud molohok...

    (29 km ti Merapi, 13 Nov 2010. punten bilih cariosna teu puguh...)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi