• Hong!

    Oman Tongtolang

    Mang Aléh nepi ka kumecrék jeung gogodeg barang nempo berita dina tipi. Salah saurang hansip ti kampung Cikerelep ngadadak jadi béntang moncér. Masarakat éar, guntreng ngobrolkeun Jang Oman 'hansip tongtolang', nu anyar mulang kusabab diparéntah 'menghadap' ku Pa Gupernur.

    Naon sabab? Teu pira asalna mah. Jang Oman téh karunyaeun ka Mang Idi, sarua hansip ti kampung manéhna, nu keur murukusunu waé alatan paséa jeung pamajikanana. Paroman nu murukusunu kacida ngaganggu kana tugas Jang Oman jeung Mang Idi dina raraga jaga pikét di kantor Pa Kuwu. Padahal kantor téh keur meujeuhna riweuh, lain kusabab ngalayanan masarakat, tapi keur nyanghareupan Pa Kuwu rék bébésanan. Aula kantor kuwu dipaké tempat resépsi, balandongan geus ngadeg.

    Mangsa keur rada tiiseun, kusabab para pagawé keur reureuh, Jang Oman ngibing ngarengkénék bari nyanyi "Tongtolang Nangka". Laguna mah tina persi disko nu dihaleuangkeun ku penyanyi bahenol Encar Setun, disetél Jang Oman dina hapena. Teu poho bari ngarengkénék téh bari api-api nyanyi, dirékam ku pidio hapé téa.

    ***

    Saha nu nyangka éta pilem Jang Oman anu ngibing motah téh bet jadi sabiwir hiji. Loba jalma kataji ku gerak ibingna, bari jeung matak pikaseurieun da maenya hansip dines téh ngagaya siga Mang Léngsér. Kusabab masarakat kacida mikacintana kana seni budaya Sunda, teu butuh waktu lila éta pidio anu dirékam téh jadi tongtonan balaréa.

    Komo basa aya mahasiswa anu ngamangpaatkeun tehnologi canggih mah, der jogéd Jang Oman teh ditayangkeun di situs youtube, atuh puguh wéh beuki kawéntar Jang Oman téh.

    Ceuk pengamat sosial mah, "Momentnyah tepat ieu téh! Masarakat keur parusing ku rupa-rupa pasoalan, dibéré hiburan Jang Oman anu sakitu lucuna, atuh puguh wéh langsung populér. Hebat!"

    ***

    Saha nu nyangka ogé, sok sanajan Pa Gupernur téh kasohor jalma pinter tur intelék pisan, geuningan mibanda kacinta kana budaya Sunda anu sakitu gedéna. Barang nempo pidio teh, laju nitah ajudanana maréntahkeun supaya Jang Oman didatangkeun ka kantor gupernuran.

    Jang Oman lain ngan saukur dipanggil ku atasan, dibéré pamuji jeung amplop ku pajabat-pajabat, tapi ogé diondang tampil di stasiun tipi. Dititah ngarengkénék bari nyanyi lagu tongtolang, bari dianggap sélébriti anyar.

    Teu cukup semet dinya, Jang Oman dianggep geus ngabalikeun citra hansip anu anyar-anyar kamari dianggap ruksak, kusabab aya kasus hansip nilep duit, hansip mupakat jeung badog, jeung sajabana. Ngadadak citra hansip jadi alus! Sababaraha kuwu ngalaporkeun kawalahan narima aplikasi pendaptaran calon hansip, kusabab harayangeun jadi sohor siga Jang Oman, cenah.

    ***

    "Nepi ka kituna nya... ck ck ck!" Bi Aléh milu kumecrék bari panonna teu leupas tina layar kaca.

    "Heueuh puguh ieung, aya ku ahéng..." Mang Aléh ngaheueuhkeun.

    "Dina sajam tukang pisidi bisa ngajual 50 keping pisidi cenah, nu mareuli hayang apal rengkénék 'Oman Tongtolang'..," Bi Aleh nyeréngéh.

    "Alus milik téa..."

    "Ari didinya kunaon nepi ka kasieunan kamari?" Bi Aléh tumanya.

    "Lahhh, nyaéta Ambu...," Mang Aléh rada reugreug kacirina teh ayeuna mah dina ngajawabna, "Abah mah rada hariwang, bisi Jang Oman poho kana temah wadina. Bisi poho kana tugas jadi bayangkara kampung. Padahal harita basa manéhna kadieu ménta dijampéan ogé niatna hayang jadi hansip nu propésional cenah..."

    "Teu kudu hariwang Abah..." Bi Aléh seuri leutik, "Pan ditanya ku wartawan oge, Jang Oman geus ngajawab bakal tetep milih jadi hansip, sok sanajan ditawaran jadi artis ogé. Alus budak téh mawa dirina! Teu salah mun jadi murid kakasih Abah."

    "Enya, reugreug lah... Jaba paniatanana cenah tina hasil diburuhan manggung teh rék ngahajikeun indungna... Haduh, tada teuing bungaheun nya indungna..."

    "Pastina Bah...," ceuk Bi Aléh bari ngaléos ka dapur.

    Mang Aléh tambah marahmay basa dina tipi Jang Oman katémbong keur ngarengkénék, bari kaciri ngasupkeun gerak jurus Néké Endog dina ibingna. Euweuh dua, jurus éta mah ngan aya hiji sumberna, Mang Aléh 'Jawara Péngkolan'....

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi