• Hong!

    Dongéng Santri Bodo

    Simuing nuju teu gaduh dongéng kénging nulis sorangan danget ieu mah. Tapi, aya dongéng basajan anu pinuh ku atikan lenyepaneun. Mangga urang baca sasarengan geura, kénging nyutat ti mandara alam maya nu sanés. Seratanana parantos diropéa, sangkan langkung raos macana.

    Aya santri pohara beletna. Nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrén, can ngalaman hatam Al-Qur'an sakali-sakali acan. Boro-boro hatam Al-Qur'an, jampé solat ogé ukur bisa maca fatihah jeung surat pondok baé. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku Basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pangpinterna. Kabéjakeun kaanggo ku Ajengan sagala.

    Loba babaturanana nu geus baroga pasantrén sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Ari manéhna teu menyat-menyat. Tutungna ngarasa éra sorangan. Éra ku sasama santri, éra ku Ajengan. Tina geus teu kuat nahan kaéra, hiji poé manéhna nepungan Ajengan di bumina. Maksud rék terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita.

    "Ajengan, abdi seja amitan, badé mulang ka lembur," cenah.

    "Mulang téh mulang kumaha, apan lain waktu peré?" témbal Ajengan.

    "Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrén. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrén, teu aya pisan kamajengan."

    Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah teras ngawurukan,sangkan ulah babari pegat harepan.

    "Unggal jelema kamampuhna teu sarua," cenah, "aya nu gancang bisa nangkep pangajaran, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakara manéhna ngarti."

    "Ulah, manéh ulah mulang, mending balik deui ka pondok. Hég diajar leuwih rajin!" saurna deui.

    Tapi manéhna keukeuh ménta diidinan mulang. Basana, tibatan miceunan waktu di pasantrén, mending sagawé-gawé di lembur. Diajar néangan pangupa jiwa. Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon-naon.

    "Rék iraha manéh mulang, apan ayeuna mah geus burit?"

    "Bade énjing saatosna solat subuh," cenah, teu poho ménta didungakeun.

    Isukna, rebun-rebun pisan manéhna ninggalkeun pasantrén. Ti pasantrén ka lembur téh, lilana kira-kira sapoé. Sajaba ti éta kudu ngaliwatan leuweung, ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas walungan. Tengah poé deui, kakara nepi ka lemburna.

    Lantaran ngarasa capé, Ki Santri eureun heula niat reureuh. Gék diuk handapeun tangkal kai. Kaayaan di sakurilingeunana kacida tiiseunana. Nu kadéngé téh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna cikaracak.

    Kusabab capé, guher manéhna saré tibra pisan. Hudang-hudang, beuteungna ngarasa lapar. Rét ka luhur, panonpoé mimiti déngdék ngulon. Kop kana bekel bawana. Réngsé dahar tuluy beberesih, nginum sakalian wudu tina solokan leutik, teu jauh ti tempat manéhna reureuh. Bérés wudu, terus solat lohor luhureun batu lémpar.

    Tah, waktu manéhna solat, sora cai nyaclak kadéngéna beuki jelas. Clak, clak, clak....

    Tutas solat, panasaran hayang nyaho asalna sora. Sabada ditéangan, bréh... katénjo, cai tina sela-sela batu, ngarayap mapay aakaran, saméméh ragrag ninggang batu lémpar.

    "Ieu geuning asal datangna sora téh," gerentesna.

    Ngan édas, mani siga beunang ngatur. Sora ragragna ngalagu, sarta angger wirahmana. Persis sora tik-tekna jarum jam. Kalakuan cai ku manéhna terus diperhatikeun. Ti mimiti barijil tina sela-sela batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak ragrag kana batu téa. Ana diteges-teges, geuning batu anu kacakclakan cai teh nepi ka legokna!

    Hég ku manéhna dipikiran, batu sakitu teuasna bisa legok ukur karagragan cikaracak. Pasti lain waktu sakeudeung-sakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh taun.

    "Heueuh, ari leukeun jeung sabar mah, cai nu ukur sakeclak-sakeclak, bisa ngalegokan batu nu sakitu teuasna. Naha ari aing...," tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pédah diajar ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa éléh. Nepi ka milih balik ka lembur, ti batan diajar leuwih soson-soson.

    Harita kénéh manéhna ngagidig seja balik deui ka pasantrén. Dina jero haténa jangji rék leuwih rajin diajar. Cenah éta boga uteuk kacida beletna, rék nurutan laku cai. Teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teu bisa kénéh, matak naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah laun-laun kataékan.

    Kajurung ku sumanget rék diajar leuwih getol, leumpangna satengah lumpat. Atuh méméh maghrib téh geus datang deui ka pasantrén. Rasa éra duméh geus amitan balik deui, buru-buru disingkirkeun.

    "Aéh, geuning ilaing?" Ajengan kagét nénjo santrina balik deui.

    "Leres, abdi, Ajengan," cenah.

    Méméh Ajengan naros papanjangan, leuwih ti heula manéhna ngadadarkeun lalakonna. Nyaéta manggihan cikaracak, ragrag nyakclak ninggang batu nepi ka éta batu jadi legok.

    "Piraku abdi, manusa, kudu éléh ku cai," cenah ka Ajengan.

    Ahirna, pondok carita, ku sabab diajarna leuwih enya-enya, sakitu taun ti harita, masantrénna teu burung tamat. Kabéjakeun éta santri belet téh nepi ka boga pasantrén gedé, sarta sohor jadi ajengan nu luhung élmuna.

    sumber dongeng: https://smpn7bgr.com

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi