• Hong!

    Sasakala Kuya Ngagandong Imahna

    Jaman baheula pisan, aya kuya imah-imah di sisi muara. Ari gawéna saban poé ngahuma. Getol ngahumana téh, indit subuh datang magrib. Dina hiji mangsa, keur manéhna aya di huma, aya hujan angin gedé naker. Tatangkalan loba nu rungkad. Imah kuya ogé kaapungkeun, muragna brus ka leuwi, lep kalem. Sakadang kuya sediheun pisan, barang nyampak imahna geus teu aya téh. Isukna, deg deui ngadegkeun imah nu tohaga, supaya ulah kabawa deui ku angin.

    Hiji poé, balik ti huma, tuluy kuya téh masak pikeun dahareun soré. Sabot masak, manéhna ka cai heula. Keur di cai, manéhna nénjo haseup ngelun dina suhunan imahna. Geuwat ku manehna diburu, tapi geus nguntab-nguntab mantén. Tungtungna kuya téh hing baé ceurik.

    Keur kitu ujug-ujug jol baé monyét kolot, anu geus cetuk huis. Éta monyét téh ngomong ka sakadang kuya, "Tong ceurik, Sakadang Kuya, nyieun deui baé imah mah!"

    "Anu matak, Sakadang Monyét, lain sakali ieu baé kacilakaan imah téh. Baréto deuih, basa aya angin gedé téa. Kudu kumaha akalna, nya, supaya boga imah awét cara batur?"

    "Hih, gampang atuh, Sakadang Kuya. Ngarah imah ulah cilaka mah babawa baé, ulah ditinggalkeun. Pék nyieun deui imah anu alus jeung kuat. Engké, dimana geus anggeus, urang tangkodkeun kana tonggong anjeun. Pantona sakira asup sirah, supaya gampang ngelokkeun sirah ka jero."

    Éta papatah ku kuya diturutkeun, tuluy manéhna nyieun deui imah anu alus jeung kuat, gedéna ngukur kana awakna. Pantona ti hareup, gedéna ngan ukur logor sirahna, paranti nololkeun atawa ngelokkeun huluna baé. Sanggeus anggeus, prak ditangkodkeun dina tonggongna, monyét anu memenerna.

    Ti harita mah imah sakadang kuya téh sok dibabawa baé, digagandong.

    (Dicutat ti www.sundanet.com kalayan diropéa sakedik seratanana.)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi