• Hong!

    Kasongan, Bisnis Lemah Nepi Ka Timur Tengah


    Piknik ka Jogja, tapi teu sindang ka Kasongan? Duh, atuh kirang lengkep, nun. Kasongan téh déstinasi wisata andelan di wewengkon Daérah Istiméwa Yogyakarta. Kawéntar jadi puseur penghasil gerabah anu pangonjoyna. Didaratangan turis ti mana-mana. Hasil karya para pengrajinna dibawa jadi cenderamata, ogé malah kotka dikirim ka mancanagara sagala.

    Ngeunaan gerabah. Produk nu dijieun tina lemah atawa taneuh porang téh, hasil ahirna mangrupa pirang-pirang wanda tur kagunaan. Aya nu engkéna ukur keur pajangeun sabagé hiasan hungkul, atawa bisa miboga fungsi nu tangtu. Bisa jadi, aya réwuan desain jeung modélna, nu ngawengku badag-leutik ukuran, corak pulasan, jeung jenis prosés ngagawéan.

    Désa Kasongan bisa ditempuh dina wilangan waktu ukur memenitan. Deukeut. Asupna ka wilayah Bantul, di kiduleun Kota Jogja. Mun urang geus asup ka Jalan Ringroad Selatan, kari néangan rambu tutunjuk jalan nu unina écés nuduhkeun ka ieu patempatan. Di deukeut gapura asupna, geus rempeg wangunan-wangunan galeri jeung workshop kerajinan.

    Nu leuwih lobana mah, toko-toko cenderamata téh ayana di satutas nyabrang jembatan. Méh unggal imah di wewengkon ieu ngajual kerajinan, boh nu desain kontemporer atawa ukur ‘mérahan’ (klasik). Jalan nu rada nanjak teh kacipta humeureut keur parkir kendaraan, utamana keur beus baradag, upama nu datang keur meumeujeuhna riab. Mun tutumpakan ditunda di lahan parkir nu rada lega, wayahna kudu sabar nikreuh leumpang nepi ka wareg ngurilingan.

    Nu nungguan Kabul Gallery, (1/9/2013) nétélakeun pasar Eropah keur rada sepi, ku sabab kakeunaan krisis ekonomi. Anéhna, najan aya krisis pulitik jeung kaamanan di Timur Tengah, ngirim ka ditu mah cenah kalah ngaalusan. Ayeuna aya deui krisis dolar di Indonesia, para pengrajin mah humarep bulé-bulé pada ngaronghéap ngirim pesenan. Da kitu cenah, mun dolar naek téh, para pembeli mah osok barungaheun.

    Panasaran hoyong terang Kasongan? Mangga sumpingan dina waktosna.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi