• Hong!

    Ti Koma Ka Koma

    "Kang..., sesah waé lah, ngadamel fikmin téh...." Baruk? Reg. Leungeun eureun ngahanca skétsa. Nyarandékeun heula tonggong rumengkeng. Bébé pindah ti leungeun kénca. "Sesah... kumaha, maksadna?" Dumadak salin rupa, ngajanggélék konsultan bagbagan sastra. Cara peuting kamari, kamarina, jeung réa peuting-peuting saméméhna.

    Barabat, semu giak. Ngabudalkeun kabungah, aya nu nanggap gumalindengna cumarita. Ngaguluyur. Teu nolih ka nu keur nyawang lalangit kamar, nu ngonéas kayas. Di dieu, ratusan kilométer jauhna, tina keukeup geugeut ka guguling di paturonna. Ruménghap. Neuleuman rasa ratug dagdigdug. Lah, baku ari geus mireng ogoanana.

    "Dangukeun, Geulis. Upami réwuan SMS-an urang dikempelkeun, éta tangtos tiasa janten manglaksa jejer carita, mangyuta-yuta ungkara. Tuh, apanan ideu mah tos aya ngaleuya, sanés?" Jadol, kalah ngahéhéh! Nyeblak, matak dédéngéeun.

    "Aaah, tuda bosen fikmin kayas waé mah atuh, Kang...!" Pajar hayang nyieun fikmin kritik sosial, rék milu ngabéla kaum marjinal. Atawa nu gaya detektifan, da resep kana kartun Conan. Belenyéh. Conan? Bruh-bréh. Gadona, kacamatana, na potrétna. Aéh, tapi pan Conan mah lalaki, nya? Jeungna leutik, deuih.

    Tabuh dua. Fikmin, sastra, rasa. Cacap dua jam uplek di jomantara. Wangkongan nu ngagilek jadi pananya. Iraha nepungkeun sono nu ngarohaka? Nepi ka catur panutup, angger taya jawabanana. Moal aya jawabanana, Lis. Gap. Kruk nu satia gigireun méja. Ngajéngkat. Cikopi béak, kudu aya gantina. Hanjakal, huis mah euweuh sérepna.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi