• Hong!

    Salat Isa Munggaran

    BARJA. Opatpuluhan. Awakna jangkung badag, tatoan. Barangasan. Préman résidipis pangdipikagimirna. Wareg unggah baléwatangan. Taun-taun, neuleuman mongkléngna kahirupan. Ngagugulung masiat ‘na saban rénghap. Kiwari mulang. Ngécagkeun botol-botol cekékeun, linting-linting seuseupeun, judi jeung culang-colong, meres ka ditu ka dieu. Manggihan tobat nu mawa manglaksa nimat, najan karék awal rakaat.

    Salat munggaran, isa ieu téh. Sabada dibukakeun haténa, nedunan pangajak ustad nu haat. Teleb, laku batinna, kajurung nalangsa mikiran dosa. Husu, najan babacaan sabisa-bisa. Mingkin lila mingkin bedah cimatana. Lir taya orotna. Merebey, teu kaampeuh, sok komo ‘na saban-saban sujudna. Gimir ku siksa naraka. Dirungrum rasa rumasa. Reup. Ngojayan sagara kasadrahanana.

    "Allohu akbar!" Takbir ngagentraan. Jung. Nangtungkeun katoatan, najan sujudna karasa kurang. Nyieuhkeun wangkelang nu nalimbeng ‘na mangsa-mangsa katukang. “Assalaamualaikum warohmatulloh...." Gebeg. Teu sirikna ngabeubeutkeun manéh, gékna sakedép nétra. Rérés awéh salam, jul-jol pada ngarangkulan.

    Tengah peuting. Jéger kahot can rerep waé ngeclakkeun cimata. Musola leutik pojok terminal murub mubyar ku cahaya.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi