• Hong!

    Opat Golongan Tukang Nyadap Legén

    “Aya opat golongan, jalma nu milih jadi tukang legén téh,” ceuk Aki daria, harita, basa nampa kuring di pawon bumina. Nini ukur ngarérét, laju mésem. “Hiiih, baku, Akiii,” saurna bari semu imut, “ari geus ngarahul téh….” Aki teu riuk-riuk.
    “Cicing, Nini!” gentak anjeunna. Kuring ukur seuri, leungeun mah ngasurkeun suluh kana hawu.
    “Jinis naon waé, Ki?” cekéng, panasaran.
    “Nu kahiji, jalma nu milih jadi tukang legén ku sabab alesan kokocoran getih. Jalma modél kieu nganggap ngala geutah kawung téh hiji kahormatan kulawarga, kudu dipupusti, dimumulé salalawasna, ku cara neruskeun pagawéan bapana, akina, uyutna.” Kuring, jujur wéh, olohok.
    “Aya nu kitu, Kiii?”
    “Jih, nya ayaaa!” Nini gogodeg, “Aki nyanéh mah jelas teu kitu-kitu teuing, Cu!”
    “Nu kadua,” Aki teu maliré, gumerendeng deui, “nu ngala legén téh ku alesan nasionalismeu!”
    “Gustiii, nasionalismeu? Aya ogé, Ki?”
    “Nya, aya! Ngala legén, nyieun gula kawung, éta téh nyadiakeun kabutuhan jalma loba, deuleu. Mun dahareun rahayat kurang mah bakal ciweuh geura nagara téh!”
    Daék teu daék, unggut-unggutan. Asa ku jauh-jauh teuing, tapi… ah, kajeun, lah.
    “Nu katiluna, nu ngala legén ku sabab ngan ukur butuh pagawéan, Cu. Lain pédah ku idéalismeu-idéalismeu teuing nu ieu mah, ngan ukur ku alesan ékonomi wéh. Biasana nu kieu mah boga bakat, deuih. Enya, bakat ku butuh téa. Euweuh deui pijalaneun keur néangan duit. Mun aya nu nawaran pagawéan séjén bari gajihna leuwih mucekil mah, nya tangtu wéééh bakal pindah pagawéanana. Ceuk Jang Umar, sarjana ékonomi nu jadi tukang ojég téa mah, ieu téh disebutna motif ékonomi.”
    Leng. Tah, nu éta mah asa kuring pisan. Nu matak kungsi pindah heula jadi tukang dagang asongan di Bandung gé, saméméh neruskeun deui ngulik élmu nyadap legén ka Aki, apanan demi duit pisan. Jenat Bapa gé sigana kaasup jinis nu éta, da apanan kapungkur kalah ka milih jadi tukang némbok geuning tungtungna mah, ku sabab teu kuat cenah kudu tétérékélan waé unggal poé.
    “Nu kaopat, nyaéta jalma nu meunang kasugemaan jeung ngarasa boga kaistiméwaan ku lantaran nyonyorén bedog jeung nananggung lodong lamun jadi tukang legén. Bari jeung asa reueus, disahkeun-diwenangkeun nakolan tangkal kawung unggal poé. Nu ieu mah rada hésé kahartina, Cu! Jero pisan teuleumaneunana.”
    Lain, kuring mah lain nu model kitu, ah. Nu puguh mah beurat wéh nananggung hasil nyadap téh. Ngan, da kudu kumaha deui, atuh?
    “Nu kaopat mah sigana Aki, nya?”
    “Alah, lain, Cu. Jauh, jauh kénéh! Naha geuning nyangka kitu?”
    “Éta wéh pédah upami énjing-énjing nyadap dina tangkal nu gigireun Cimuntur téa, asa sok lami pisan turunna….”
    Nini curinghak. Dumadak, Nini ngabar-ngabar mutu. Kuring, ras ka nu marulang mandi isuk-isuk, ti wahangan. Rét. Aki mah duka teuing ka mana léosna.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi