• Hong!

    Kélébét Bendéra Katrésna

    “Mangga…, pami Akang moal tiasa nyarengan deui mah,” pokna. Halon, datar. Taya deui teuteup nganaha-naha. Haté, angkeub. Aula balatak ku urut sawala, tapi sésa harepan ‘na dada mah punah saharita. Kiwari, titiwanci ati nyorangan deui.

    Rénghap. Bendéra-bendéra panji témbong tingkélébét di palataran aula. Ukur panji katrésna nu ilang kélébétna. Rohangan simpé. Pamilon gempungan geus marulang. Ukur manéhna jeung panitia. Lalungsé, tutas ngagedur gawé sababaraha poé. Keretas-keretas, spanduk, bungkus konsumsi. Bérésaneun.

    Lain teu satuju, manéhna kapeto jadi pupuhu téh. Kabéh ngakonan kamampuhanana. Puguh, bogoh gé sab ku calakanana. Parigel ngurus organisasi, katitisan bakat mingpin ti bapana, bupati manten. Kageulisan nu méh sampurna. Umyang, lenjang, pinter tur pinuh wibawa. Impian para pamuda. Ceuk haréwos mah, “seueur nu palayeun mah, Kang, tapi teu warantuneun….” Reueus, jadi beubeureuhna.

    “Diiin!” Manéhna ngalieuk. Belenyéh. Pamuda gagah ngagupayan. Doni, sékjén nu sarua anyar dilantik, tangan kanan manéhna. Meg. Langgéorna. Meuraykeun cita-cita. Rumahuh. Gap. Kopian sprindik. Kasus bapana.

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi