• Hong!

    Trésna Keur Nadia

    Horéam-horéam gé ditedunan. "Maenya wé mantan ketua OSIS-na teu datang, lah?" pangolo Dani, babaturan sa-SMA. Lahlahan. Ti Sumedang pasosoré. Nyalsé, neger-neger haté. Muga suwung pananya "nyalira?"

    Bandung. Macét. Leuir. Parkir hareupeun résto. Panitia réuni akbar rempeg. Rerencepan. Gék, di tukang. "... bendahara mah bu doktor ekonomi aja! Setujuuu?" Réang, sarapuk. Ger sareuri. Keretas teu ngeuna peunteu Dani. Nu malédogna baeud. Ditelek-telek. Gebeg.

    "Nadia taya cawadeunana, Nif, tapi...." Rus-ras. Ambu. Sabarna mapakan lega awang-awang. Cahya kahirupan. Nyorangan. Namplokkeun sagalana, karasa. Iwal ti nampa Nadia, nu béda akidahna. Nyeuit. Pegat katrésna, tutas wisuda. Nadia bedah cimata. Haté diajar tumarima, tapi lalaunan dina dada tumuwuh karaha. Usap jenat Ambu panglipurna.

    Balakécrakan. Rérés. Aramitan. Srog. Manéhna. Létah kagebug ratug. Ngonci. Padahal, sapok-pokeun pisan. Ngabetem. Jol, Dani. Sarangah-séréngéh. "Jomblo hérang, jadi dianteriiin?" Nu imut, ngarérét. Memener kudung bungurna. "Bulan puasa kadua abdi. Réuni sumping kan, Nif?"

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi