• Hong!

    Kameumeut Abah

    Nungguan nu dangdan téh bet lila. Manéhna ngalanggeu di tepas, nyérangkeun patalimarga. Rét. Nengetan nu ngajugrug, hareupeunana. Sédan lawas, tapi waringkas. Hideung méncrang. Bihari, kagungan Abah, mitohana.

    “Panineungan ka Ambu ieu téh, Nur. Kitu saurna, Kang. Moal digentos cénah. Leres wéh, dugi ka pupusna.” Nur, sulung, kawarisan. Sarupa Abah. Tara leuir ngecékkeun oli, cai radiator, aki, urusan ngamandian. Nyaaheun kacida. Mobil téh angger gumenclang.

    “Abah lami pisan kekempelna, Kang. Alhamdulillah, mobil kapésér. Émut waé kasauranana, alhamdulillah téh kanggé Robbil ‘alamin. Robb nu sanés ukur nyiptakeun alam, tapi ogé ngajaga ngariksana. Tapakuraneun, sukur nimat, saurna téh. Abah mémang tulatén pisan kana kagaduhna. Tapi, pami aya nu leungit mah, tara ieuh ngarasula. Lah, Nur mah teu acan kataékan….”

    Les. Implenganana kagebah ku nu ngalanggéor ti jero imah. Srog. Dikudung bungur, geulis bawa ngajadi. Imut manis, peunteuna cahayaan. Nyeplés. “Akang mah…, nyekar ka Abah sareng Téh Nur ogé abdi kedah dangdan sagala, ih!”

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi