• Hong!

    Katrésna Nu Kurang Tartilna

    Kamari, isuk kénéh. Kucuprak, kucuprak. "Ka pawonkeun, ieu mah, San!" "Muhun...." Giak. Ngingkig, ngajingjing guramé pangbadagna. Nyaan, béréhan Mama mah, masing gé galak. Balong korédas, bedah keur santri-santri. Haténa rengkuh. Ajrih. Hariwang.

    Gilek. Malipir. Reg. Jandéla héjo ngora, hordéng bodasna nyatia. Nyéh. Aya tatalu, jero dadana. Basa nyeuseup dalingding nu nyambuangkeun mangyuta rasa ka langit katrésna. Wawangi nu gumenclang socana, nu murnama peunteu kareueutna.

    "... ngaganggu, Nis, émut, mayunan sidang skripsi!" "Moaaal, Umiii." "Diwartosan téh, nya... Santri-santri ngagarosip, pajar putra Mama bobogohan. Nis, itu mah tilawahna gé teu tartil-tartil acan!" Nu dicarék tibang simpé.  Meg. Rumasa, lebah dinyana. Wawanianan.

    Kantor madrasah. Pabeubeurang ieu. Bayeungyang. "San...," komara ngawirahma, "wayahna, mondok di Darul Quran. Mama, bapa hidep, Ajengan Irman, baheula sakobong. Saseméster waé mah di ditu heula, nya. Tolab deui tilawah. Bekel ngajar santri apanan. Kumaha?" Lenyap. Panyagap kana surat, 'na jero tasna, lésot lalaunan.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi