• Hong!

    Kecap Nu Diheulakeun

    Diah. Hihideung panonna teu weléh gumenclang. Jepat halisna sarimbag jeung garis teleb katresna. Neuteup. Ogo. Ngulinkeun réma-réma dina peunteu umyangna. Nyingraykeun makuta hideung meles. Dumalingding. Reup. "Ka Diah, Aa micinta...." Rénghap. Belenyéh.

    "Muhun....," buburicakan, panémbal soca, "geuning bénten karaosna sareng 'Aa micinta ka Diah', nya, A. Hébat!"

    Lalaki pupujan haté. Mésem. "Éta mah ngalenyepanana wé, satengah ngimpén!" Jeletot. "Iiih, ngarang Aa mah!" Séréngéh. "Subhanalloh. Sampurna, nya, A. Tina mayunkeun 'iyyaka' sateuacan 'na'budu' gé surahanna tos sapangaosaneun. Énjing, éta waé nu badé dibahas di acara remaja masjid."

    "Taaah, kitu. Saé. Sakantenan ngawurukan utun inji."
    "Tapi... asa kirang pédé, A."

    Lalaki pujaan haté. Ngusap embun-embunanana. Imut. "Diah mah sapertos Abah pisan. Saur Ambu, saban badé ngawurukan téh sok nyanggem sieun lepat. Tapi tigin, seueur guguru. Insya Alloh, ditebihkeun tina lepat...."

    "Aamiin...," neueulkeun pipina. Ngusap deudeuh ranggeuman.
    "... sapertos teu lepat nampi kasépna carogé." Jeletot.

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi