• Hong!

    Laporan Mang Ohim

    "Seja nyanggakeun laporan, Juragan. Danget ieu, prémium kantun saton deui. Anu pértamak mah ti siang mula parantos séép, nun. Énjing, saur nu jaga, badé dikintun deui dua puluh opat ton, mung tacan tangtos tabuh sabaraha-tabuh sabarahana mah. Lajeng, ieu artos kékéngingan dinten ieu, sakarung, mangga nyanggakeun.

    Hapuntenna, Juragan, abdi badé permios heula, hawatos ka pun bojo nuju kanceuh reumatikna. Badé ka apotik heula. Jabi ieu sepédah ontél téh bet kalah bocor, deuih. Badé milarian heula tambal ban nu masih buka.

    Kumaha, nun? Oh, Si Plékih? Si Plékih mah parantos diparaban tadi, Juragan. Aya, kantun sakaléng deui pakanna mah. Muhun, énjing abdi ka supermarket, cuang pangmésérkeun deui. Sajuta? Cekap, muhun, cekap. Sakitu, Gan. Tos bérés sadayana. Wilujeng leleson di Bali. Moal, moal. Bérés! Mung, panto gerbang mah dibuka, margi Endén teu acan sumping, nuju di sepa kénéh saurna. Sékuriti sakedap deui dongkap, nuju mésér jajamu. Mung sakitu, nun. Permios...."

    Sajak

    Opini

    Résénsi