• Hong!

    Cangreud (2)

    Ti barang ngaléok ka Jalan Parangtritis ogé, wangwanganana mah bebelesatan di alam bihari. Rus-ras. Duaan, momotoran. Muru basisir bari haté kahuru ku galura séwang-séwangan. Keukeup geugeut, nyésa haneutna. Panyiwitna, teuteupna, sagalana. Kolébat, kolébat. Sesemplékan roman katrésna. Sawaréhna ngelemeng kahalimunan mangsa. Rumasa, kabaguded tatali rasa. Hiji-hijina.

    Hémeng. Dumadakan pisan. Omat-omatan, kudu datang. Jangjian. Sakikituna.

    "Moal nanaon ieu téh, Sil?" Tibang mésem, tonggoy nyetir. Genclang peunteuna angger nyumiratkeun kaéndahan, katojo srangéngé soré. Tujuh taun, teu laas geulisna. Najan gurat leuseuh mapaésan.

    Tirilik. "Ulah lami-lami, Béib. Papah nanyain terus...." Keukeuh.

    Duaan deui. Basisir Parangtritis. "Kahoyong Koko, ieu téh, A. Bageurna luar biasa, sasat panyambung nyawa. Dijodokeun, ukur pilihan, sanés perkara rasa. Tapi..., tugas abdi tos sampurna...." Alum. Datar.

    Wur, wur, wur. Eusi guci, sésa krémasi, kaangin-angin. Dipapag tingsiriwikna umpalan-umpalan. Lieuk. Sumirat cahya mata. Gap.

    "Sil...." Haténa gumeter. Ras, talatah téa.

    Sajak

    Opini

    Résénsi