• Hong!

    Cangreud

    Enya kitu, Sil, roman urang téh ukur nyésakeun simpé? Sigana enya. Nyeuit. Cumelecepna mangsa bet harianeun ngaliarkeun bibit karaha. Haté. Béda ayeuna, béda baheula. Mangpirang-pirang tanjakan nu kasorang, saban pudunan nu karandapan, tara ieuh maké guligah. Asal leumpang di gédéngeun, laksana maturan anjeun. Jajauheun maliré capé, kaubaran imut pangirut. Gidig deui-gidig deui. Ngagagandong rangsel, nu eusina katambahan. Puguh ripuh. Tapi, ah… teu dirasa. Ihlas. Kasihir angseu cikésang nu lenjang. Leuleus gé dumadak rosa, basa nuyun anjeun nu manyun.

    Babaturan silihrérét, Sil, mangkarunyakeun. “Satéh, kabina-bina!” Si Bagong gogodeg. “Korban cinta!” Si Jén nyéréngéh. Tingbarakatak. Paduli, ah. Geledegan Ciremai surti, ieu rasa nyambuang ngungkulan tingperentulna pupucukan. Aya galura dina geblig-geblig léléngkahan, népa kana jujukutan jeung jalan satapak di Cikuray. Harepan, apan harepan anu manjangkeun ieu kahirupan, ‘lin, Sil?

    Inget teu, basa prakték turun tebing? Gugulayunan apanan. Talina mah aya kénéh di dieu. Panineungan nu belewuk. Teu nyangreud geuning, Sil, kana haté anjeun.

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    Sajak

    Opini

    Résénsi