• Hong!

    Guligah Nu Milangkala

    “Naha katawis aleum?” Nu ditanya gasik ngarérét. Bukét nu nyumput satukangeun awak, lalaunan disodorkeun. Jung. Roman ayu dumadak cahyaan, sosocana buburicakan. Kembang-kembang diambungan. “Akang…!” Akeupna geugeut. Reup. Seuseungit makuta galing muntangna sumarambah. Dada kebek kabungah. Longsong. “Kitu, atuh. Milangkala mah kedah bérag.”

    Gukgék deui. Patamanan mingkin haneuteun kapeutingnakeun. Jul-jol. Nu garandang, nu lalenjang. Peunteu-peunteu, nyumiratkeun harepan séwang-séwang. Dumalingding, ligarna kekembangan. Éndah, tingtrim. Wirahma cérélék cai, mirig ungkara-ungkara trésna. Gazébo-gazébo camperenik, nyakséni nu silihpaheutkeun rasa. Kacapi suling pangbagéa kari hawar-hawarna. Jep. Pahareup-hareup, titeuleum ‘na silihteuteup. Nyéh. “Hatur nuhun, Akang… katampi pisan.” Halimpu, ogo, sabiasana. Tonggoy ngusapan cepuk nu anyar katampa.

    “Hapunten, nembé sakikituna, Néng. Dadahut apanan, kanggé titimangsa padungdungna….” “Ih, émangna badé pasanggiri penca?” Ngadilak. Ngahéhéh. “Tadi ku naon, geulis?” Teup. “Jol kaémut, Kang… saurna, titimangsa pangutamana téh dua: basa urang gumelar, basa urang terang kanggé naon urang dilahirkeun. Akang uninga?”

    Gep. Réma-rémana diranggeum. “Mark Twain? Pasti anjeunna timburueun ka Akang.”

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    Sajak

    Opini

    Résénsi