• Hong!

    Tembang Keur Aki

    “Pueblo mio, que estas en la colina….”

    Haleuangna saminggu katukang, saacan ilang. Sinarieun. Apal pisan. Lagu kameumeut Aki, cénah. Babaturan tingjarerit, tinggarero. Bagas. Kasép, vokalis, bageur. Mindeng neraktir. Puguh, baladna loba. Lain hiji-dua mojang nu micangcam. Jangkung bodas, bangir jeung beresih, tuda. Gondrong jeung nyetil, najan béda sorangan. Papakéanana, modél puluhan taun katukang. Gaya akina, pokna.

    “Ukur Anis nu kantos diajak Bagas ka dieu….” Imah agréng ala meditéranian, dipapaésan taman éndah jeung kolam renang. Hanjakal, suni pisan. Geueuman. Manéhna alum, ngajak buru-buru miang. Ditanya sual indung-bapana, gogodeg. Kalah ngobrolkeun akina, nu ngurus manéhna ti leuleutik.

    Inghak-inghakan, gédéngeun Mamah nu ngusapan. Mobil mingkin ngajauhan pasaréan, tapi kalangkang Bagas teu ilang-ilang. Bapana kabaud perkara, ngajeblag dina berita. Indungna, teuing ka mana. Bagas, nyusul akina. Ninggalkeun sagara kakuciwaan, nu sasari disamunikeun satukangeun imut jeung haleuangna. Feliciano, mirig curucud nu ngajuuhan.

    “Que sera que sera que sera, que sera de mi vida que sera….”

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    Sajak

    Opini

    Résénsi