• Hong!

    Lalaki Heulang

    Hararampang. Sajeroning nyawang awang-awang. Kasima ku pangbagéa lénglang. Rénghap. Ngitung ketug kasabaran. Di dieu, lebah penclut jungkiring cadas, saléngkah ti rungkawing wates alam kahirupan.

    Rét. Belenyéh. Peunteu Indung mubyar cahyaan. Nuduhkeun noktah leutik 'na tanjakan. Nikreuh, rentang-rentang. Antaré. "Sawarga urang mah leuwih netek disorangna," pok Uyut -dukun nu ngasaan mangpirang jaman- hiji mangsa.

    Indung gugupay. Aya sumirat tina gumenclang socana. "Lalaki sajati téh... bapa hidep ébréhna." Ukur unggeuk. Neuleuman. Lebeng. Patojaiyah, karasana.

    Basa nu ngajarorag ngahuru pakémahan, ngawur-ngawurkeun pati dina mancawurana pélor, di mana éta lalaki sajati? Buméla? Buktina, taya nu nyésa. Kaagungan Apache musna, tumpur, nyésakeun réwuan pananya.

    Cénah, Bapa téh tukang moro panghébatna. Dipikasérab. Hirupna ngalalana, nutur-nutur heulangna. Heulang jeung Bapa lir nyawa jeung raga. Hanjakal, indung mah mindeng reumbay cimata. Kapopohokeun.

    Gagah. Teuteupna seukeut. Bulu heulang mapaésan makutana. "Hampura, teu kaur mulang," pokna, ngusapan, "heulangna hiber deui-hiber deui."

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi