• Hong!

    Léngkah-léngkah 'Na Pudunan

    “Sssttt… Atos, tong diémutan waé….” Ngagebah. Rét. Pikasebeleun, kakasépna pisan! Éndah. Gumenclang cahya srangéngé isuk neumbrag séréngéhna. Kebul hawa nyerebung tina rahuhna. Peunteu éta. Mindeng témbong malaweungna, matak hariwang, teuing ku naha. Taluk, teu wasa. Hihideung matana –sabiasana- ngagedor dada. Luk. Edelweis dumadak kaangseu béda. Haneut nyaliara, nyieuhkeun celecep nu ngaborogod ti peuting mula.

    Rérés. Rap. Ngagandongkeun tasna. Meungkeutkeun syal hideung kana buuk gondrongna. Jung. “Ganteng, jangkung…,” haréwos Si Ninit, nu pajar neundeun geugeut dina simpé. Béda jeung Si Sisil nu aléwoh curhat, “nyerah gué, misterius banget….” Enya, atuh. Ninit, Sisil jeung nu séjén mah da teu arapaleun nepi jero-jerona. Ukur dareukeut luarna. Pan “ka kamu hungkul énjoy cacarita mah” pokna. Perkara kaayaan kolotna, kuliahna, sagalana. Luh-lahna tara ka sasaha.

    Puncak suni. Aleum. Halimunan deui. Duaan ngajajanteng, neuteup kawah salila-lila. Mandeurikeun manéh. “Mending gé bébas, nya, Win? Kapusing-pusing.” Unggeuk. “Muhun, Kang….” Léngkah-léngkah 'na pudunan. Leuwih beurat ti mangsa nanjakna.

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi