• Hong!

    Kérésék Hideung

    Jangkung badag, kasép, jelemana mah. Ngan suwung tina marahmay, sumawona kana soméah mah. Perongna éstuning seukeut, leuwih deukeut kana peneuteup bengis. Jumawa. Atra naker ngarajaan rohanganna, kasandingan tanda pangkat dina taktakna.

    Gék diuk hareupeunana. "Surat panggilan dibawa, Bu?” pokna teugeug. "Ya, Pak." "Ibu tahu kenapa dipanggil ke sini?" "Kurang paham, Pak." Ti tatadi gé ngahaja masang beungeut boloho. Séak, beungeut nu pakulitanana bodas téh ngadadak burahay, halisna méh patepung lawung. "Ibu sudah menyalahgunakan wewenang sebagai pimpinan, mengorbankan anak buah demi karir dan kesuksesan pribadi!" sorana handaruan. "Saya mohon maaf, Pak, saya benar-benar belum paham yang Bapak maksud…." Braaak! Awakna ngajurungkunung satengah nangtung. Berkas-berkas mancawura, ngaburantakkeun jajantung.

    "Tok-tok! " Lol sirah ajudanna, unggeuk ménta ijin asup. "Masuk!"

    "Ini ada titipan dari Pak Irvan, beliau nunggu di depan, Pak," ajudanna anca. Song, neundeun kérésék hideung. Manéhna ruménghap, panjang, unggeuk ka ajudan.

    "Ibu, silakan sudah boléh pulang," pok ajudanna, soméah nakeranan.

    Fikmin kintunan: Asharyani, tos kénging pangropéa. Nu badé ngintun fikmin, atanapi bahan fikmin, tiasa klik di form ngintun seratan.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi