Tiiseun, hirup nyorangan. Cuang-cieung. Tilu tahun katukang pamajiikan miheulaan. Kari saurang incu anu maskét téh, najan geus kuliah ogé. Ditungguan, pasosoré ieu pajar rék datang. Rék nyieun penelitian di lembur, pajar budak téh. Méh waktuna. Ngajajanteng gigireun mobil, nungguan karéta datang.
"Opah, ieu Ayang tos turun…." Ogo, sabiasana. Torojol, limaan. "Opah, antosan, da disarengan Bu Dosén," pokna, luak-lieuk ka tukang. "Geulis téh, Opah," haréwosna,ngiceupan.
Kurunyung, awéwé tengah tuwuh. Meg. Langgéorna, peunteuna. Belenyéh. Ngasongkeun leungeunna, "nepangkeun, Pa, abdi Ligar... dosén pembimbing…." Kandeg. Teuteup éta. Mawa lelembutan ka mangpuluh taun katukang. Sora éta. Kungsi nginghak, muntangan, basa tepung pungkasan. Éndahna impian, paburantak ngayonan kahayang, kolotna mungpang.
“Amran…, sanés?” Gumeter.
Fikmin kintunan: Asharyani, tos kénging pangropéa. Nu badé ngintun fikmin, atanapi bahan fikmin, tiasa klik di form ngintun seratan.
No comments:
Post a Comment