• Hong!

    Seuseukeut Teuteup

    “Yakin, Mah?” Bapa, ngaleuleuyan. Gumeter. Indung, tibang ngahuleng. Keclak-keclak tina socana ngalémbéréh deui. Langit reueuk, sarua teu wasana. Sahing-hingeun. Breg. “Kedah kumaha deui kitu, Pa…?” Tatag. Dareuda. Sasari, halimpuna mépéndé kuring jeung adi. Kadieunakeun, kalindih renghik jeung segruk. Meusmeus. Najan taya deui gantawangna nganaha-naha. Ébréh. Kareungeu, sagala gé.

    Léos. Gebrug. Mamah ngerem deui. Ninggalkeun kuring, adi, silihtangkeup, rambisak di patengahan. Randeg. Bapa ukur neuteup. Léos. Sakikituna. Adi diusapan, diajakan kana sofa. Dipépéndé. Reup. Capéeun, ngitung ingsreuk nu dipirig sora jam lawas, titinggal Aki nu nyésa. Ras ka Si Ado, sakelas. Dongéngna. Dor-dar kolotna. Kiwari, manéhna milu ninina.

    Nyel. Naha Bapa taya pisan nyoara? Lebeng. Batan betus, kalah ngahurun suni. Peunteuna kakeueum keueung. Rumeuk. Ngelepus di rohang tukang, maturan hujan, ngumbar réwuan sawangan. Rumahuhna atra, katéwak saban rérétan.

    “Teruuus, aku gimana, Paaa?” Gebeg. Budak. Hareupeun. Jajantung sapat katigas seuseukeut teuteupna. Gumebur cahya matana mengpet pijalaneun basa. Sarwa kandeg. Kekecapan dumadak musna.

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi