• Hong!

    Pesawat Pribadi Nu Rék Narongton Tinju Minuhan Bandara!

    Pertandingan tinju pangrohakana satungtung sajarah, kitu pajar téh, disebutna ogé. Duél Floyd Mayweather Jr. ti Amerika versus Manny Pacquiao ti Philipina, jadi puseur berita sakuliah dunya. Lain wungkul masarakat biasa ti mangpirang-pirang nagara nu nongton dina tipina séwang-séwangan, dalah di tempat lumangsungna acara ogé dihadiran ku para tokoh jeung jalma-jalma nu teu kurang-kurang kawéntarna.

    Kabuktian, parkir pesawat jét pribadi di McCarren International Airport pinuh! Duk-dek wéh ceuk paribasana mah, kotka aya jalur nu kudu ditutup supaya pesawat séjénna bisa turun kalawan salamet. Nu rék datang jeung indit deui ti éta lapangan parkir spesial téh kudu rada sabar, cara pesawat pribadi Donald Trump, salah sahiji pengusaha pangkawéntarna di nagara ‘Uncle Sam’, nu kalacak satelit ninggalkeun ‘Kota Dosa’ Las Vegas, tutas Mayweather diistrénan jadi jawara pertandingan.

    Kumaha teu pinuh tuda bandara téh. Nu ngahadiran ajang tinju téh lain hiji dua nu kaasup tokoh populér, utamana ti kalangan artis jeung pengusaha. Béda jeung masarakat nu maraké kendaraan umum, atawa pangonjoyna gé meureun mobil méwah, ari pengusaha super jegud jeung béntang sohor mah indit-inditan gé tumpak pesawat. Ti antara nu hadir, aya Beyonce, Jay Z, Justin Bieber, Emilio Estefan, Nicki Minaj, jeung sajabana.

    Naha pantes pertandingan tinju Mayweather vs Pacquiao téh disebut pangrohakana? Sok sanajan teu sakabéh nétizen ngarasa puas sabada nongton pertandinganana, tapi keur sawangeun urang mah cukup wéh heulaanan tilik duit buruh keur nu adu jotos téa. Mayweather, nu ahirna meunang, diburuhan duit anu jumlahna Rp. 2.340.990.000.000 (ceuk itungan yahoo currency, tatéh), sedengkeun Pacquiao mah dibayar sahandapeun musuhna, ‘ukur’ Rp. 1.560.660.000.000.

    (sumber warta: Daily Mail, diropéa dina Basa Sunda ku: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi