• Hong!

    Disklaimer

    Naon atuh ari disklaimer téh? Ieu mah istilah di dieu wéh, hapunten bilih teu merenah, da aslina mah apanan 'disclaimer'. Badé nganggé istilah 'kabeuratan' téh, mangrupi tarjamah tina 'keberatan', asa kumaha kitu, lah....

    Boh bilih salira mendakan hiji postingan atanapi artikel nu dipublikasikeun di dieu, kalayan eusina kirang merenah, atanapi geuningan kantos dimuat di halaman sanés, kalayan peresis boh judul boh eusina, atanapi tiasa janten aya artikel anu mémang kénging nyutat nanging di dieu teu disebatkeun sumberna, alias plagiat téa, mangga kintunkeun tanggepan salira ngalangkungan boks komentar di sahandapeun seratanna, atanapi tiasa ogé nga-inbox di fanpage "Dongéngék" di fésbuk.

    Upami tanggepan anu didugikeun téh mangrupi kahoyong supados éta serata dilungsurkeun, alias dipupus, kalayan alesanna kiat kacida, saupamina salira anu ngarangna, kalayan alim éta seratan dimuat di dieu, tinangtos girang rumpaka baris nedunan kapalay téa kalayan taya bangbaluh nanaon, éstuning kanggé kasaéan sadaya.

    Hatur nuhun.

    Sajak

    Opini

    Résénsi