• Hong!

    7 Cicirén Wanoja Fikminer Basa Sunda

    Teu hésé saenyana, nangtukeun hiji wanoja téh resep mikmin atawa henteu. Tangtuna sacara saliwatan, lain ku cara nengetan aya henteuna di lapak Fbs, dina fésbuk. Aya sababaraha tanda nu bisa dijadikeun pituduh, naha enya atawa henteuna éta wanoja téh fikminer basa Sunda. Kieu di antarana, upami kirang mah tambihan wéh ku nyalira:

    1. Geulis
    Kantenan wéh atuh geulisna mah, da apanan wanoja. Boh nembé rumaja, boh nu tos ‘kagungan yuswa’. Sadayana geulis tur laluis. Nanging cirén kahiji ieu sanes alesan kanggé ujug-ujug ngagabrug nu geulis, bari, "Téh, fikminer, nyaaa?" So' akrab téa.

    2. Layeut jeung hapéna
    Ciri kadua, nyaéta tara tebih tina hapéna. Dina saban-saban kasempetan, hapé téh teu weléh nyarengan. Sanés mung ukur kanggé komunikasi sareng kulawargi atanapi sobat-sobatna, nanging ogé kanggé nyeratkeun fikmin énggalna. Hapé jadul atanapi pangénggalna, teu masalah. Hapé lir ibarat sobat satiana. Ulah kagét pami katawis ngungun, ngusapan hapéna. Tangtos, éta mah perkawis pulsana.

    3. Rikat
    Tara talangké, pami aya idé ngumalangkang téh sok énggal disanggap, digutrutkeun. Di mobil, di rohang gawé, di pawon, di mamana. Sapalih wanoja fikminer ngangken, dina lebet wésé ogé hadé, cénah, mikmin téh. Duka bari naon tatéh prakna. Upami aya wanoja nu lami pisan di wéséna, tiasa janten éta téh waktos gog, rikat ngaheujeunkeun fikminna téa.

    4. Rancagé
    Perkawis karancagéan mah gampil katangenna, geura. Utamina dina bab seseratan atanapi babasan. Kréatip pisan! Éta téh tangtos ku margi seueur maca téa. Mung, perkawis biantara atanapi pidato mah kedah rada diémutan ku sobat-sobatna. Bilih dina gempungan PKK, der pidatona ninggalkeun rupa-rupa sawangan, penapsiran, sangkaan, ti para anggahota. Komo pidatona digayaan ‘bobok tengah’ téa mah, atanapi versi ditektipan.

    5. Ngalamun
    Ulah awon sangka upami ningali wanoja sok ngalamun. Sanés, sanés pédah nuju raheut haténa, atanapi teu gaduh acis, éta téh. Tiasa janten cirining nuju nyerep idé fikmin ti alam panyawangan. Upami katingal rada beueus socana, tiasa janten pisediheun fikminna. Upami rada semu euceuy, tiasa janten édisi perwayuhan atanapi KDRT gumelarna. Kumaha upami séséréngéhan teu pupuguh? Tah, éta mah boa ngawawaas fikmin jenaka. Upami paningalna semu kosong, sihungna nonghol, rada gegereman, éta mah tangtos kaluarna fikmin alam goib.

    6. Gégémbolan
    Ulah hémeng upami ningal wanoja nyangking hapé, tapi bari gégémbolan waé. Ka mamana tatéh. Salian ti kado, éta téh, pami angkat ka ondangan mah. Ageung kacurigaan, anjeunna nyanyandak: Kamus Basa Sunda! Kantenan, anu tiasa ngaksés via hapéna mah moal gégémbolan deui, cekap reunceum ku pulsa.

    7. Kecap-kecap cicirén
    Lah, sesah atuh ari ukur niténan saliwat mah! Mangga atuh, caketan. Sebatkeun hiji perkara nu pikareuwaseun ka anjeunna. Misalna: “Téh, tuang carogé téh ngawayuh!” Pami waleranana: “Haruuuh!”, tah éta mah tos moal lepat deui. Pasti! Pasti fikminer. Atanapi tiasa ogé ditengetan dina paguneman sanésna. Pami ujug-ujug, “Pa, punten, abdi neda widi bade ngahiang heula….” Atanapi, “Bu, laporan téa ku abdi tos diapungkeun.” Lar jajaka gandang, "Duh, haté uing ngadadak kayas." Tah, éta ogé sami, 99% yakin nu nyarios kitu téh wanoja fikminer.

    Sakitu samentawis mah. Dina lepatna, neda sihapunten ti sadaya. Sakali deui, pami kirang mah mangga ditambihan ku nyalira.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi