• Hong!

    Nu Mapag Randa Pahlawan


    Poé anu pamustungan, tilu Agustus, tumiba. Imahna, kiwa-tengenna, geus teu harurung lampuna. Pertéla dina layangna, lain hak ngeusianana. Keur nu dines aktip, pokna. Manéhna, tibang ruménghap. Jumarigjeug mapay comrék. Diriung pipinding pias, témbok lawas ilang pulas. Nunggelis, neuleuman simpé. Ngerem diri, nganti wanci. Lain, lain teu panuju. Tapi, rék ingkah ka mana?

    Bray, sorot cahya srangéngé. Mubus sesela jandéla, nu koropok sawaréhna. Jegoh, jegoh, hégak deui. “Astagpirullohaladiiim…,” halon, peuyeuh, gerendengna. Metot kemong ku kunyemna. Gék, binarung cumalimba. Baju dina lahunanna, bihari Agustus tandang, milu barisan véteran. Wrédatama kumolébat, dedeg kasép nu nyatia. Ka nagara, ka manéhna. Tigin, rongkah kawanina. Najan ngeheungheum kucubung, dibabuk pohpor Walanda, teu betus muka rusiah, buméla demi merdéka.

    Kolotrak, “sudah waktunya….” Imutna ligar gumenclang. Nyolongkrongkeun ka perwira. Lancana, insinyeu, béntang. Taya pisan paédahna, lain karep pupujanna. Nyéh, neuteup gupay gumebyar, satria ngaranggeum kembang, ngajanteng lebah buruan.

    Asrama laju haliwu, ku démo jeung perang watu.

    (kénging: Yuska Sadéwata, pinunjul satata Saémbara Fikmin Agustusan 2014, fikminsunda.com)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi