• Hong!

    Carita Ti Juru Kelas

    Jam 6.17. Isuk kénéh pisan. Ukur hiji-dua nu ngaliwatan gapura. Rét deui-rét deui. Dila, béntang kelas, kurudungna bodas nyacas. Aya harang leutik dina peunteu kareueutna. Cureuleuk, hihideung socana gumenclang, sumedeng awas. Sakapeung ngégélan lambé lalaunan, polah ogo ti bubudak.

    Teu sabar. Nyéh, nempo nu anyar ngaléok ka koridor hareupeun rohang-rohang kelas. Nina, sobat dalitna, kerung. Jog, dikaél leungeunna, sajorélat. Reuwaseun, laju nyéréngéh, “iiih, Dila, apaan sih…?” Duaan, paéréd-éréd ka jero kelas. Guk-gék, bangku pangjuruna, dibagéakeun hawa seger nu cumelecep tina jandéla nako.

    “Aku téh bingung, dia ngajak seriusan. Gimana, Niiin?” “Huh, kakara gé kenal. Engké ngaganggu belajar, geura!” “Ssstt, ulah tarik-tarik atuh, Nin,” gilerna nuduhkeun ka nu alanyar asup. Gorowok, ti lebah panto, “halooow, cantiiik!” Jebéng, teu ngawaro. Cakakak, ti beulah ditu. Paduli, ah. “Justru, nambah semangat, tau, ada dia téh!” Cikikik, duanana. “Ssstt, Niin, datang tuuuh!” Rét. Belenyéh. Dila, aya nu buburicakan dina teuteupna.

    “Selamat pagi, anak-anak!”

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi