• Hong!

    Kulawarga Para Suhada?


    Naha rék kumaha budalna kecap tina dada nu heureut ku duduka? Dina nétra ngeyembeng cihaneut nu méh teu kaampeuh gumarajag kana piasna peunteu nu nandang rupaning rasa. Rasa nu karérab pirang-pirang béja, tutas beledug di Surabaya.

    Naha enya ieu kulawarga para suhada? Ti Suriah mulang mawa jiwa-jiwa nu ringrang ku kahirupan. Kulawarga nu néang pati dina jalan jihad tapi kudu balik ka sarakan bari nengenan wangunan tohaga nu didama-dama bet musna digempur invasi ti sakuliah dunya. Haté-haté nu tunggara bari nincak alam dunya asa napak dina rawayan carucukan, ieu alam kahirupan nu fana.

    Ku kituna, dina hiji subuh, tutas salat jamaah sabiasana. Maranéhna silih akeup nyimbeuhkeun deudeuh, bari ragrag cimata gaganti réwuan basa. Nya harita silih jurungkeun silih nguatkeun. Poé ieu poéan urang. Hayu papag gupay gerbang sawarga.

    Cimata. Cimata teu kaampeuh deui. Nagwangwang jelema lima, milampah jalan nu jadi béja ka saalam dunya. Haté nu kumaha nu mawa talajak sakitu bengisna? Naha enya Kangjeng Jungjunan bakal ngahiap-hiap ka maranéhna? Sok padahal Anjenna mah sakitu welas asihna ka sasama, samalah ka musuhna gé teu leupas tina adab jeung ahlak nu mulya. Anjeunna tara merangan ka kaum wanita jeung murangkalih, tara nyerang kana tempat ibadah musuhna.

    Jajauheun kana geus miboga kulawarga ahli sawarga, sok sanajan hayang kacida, tapi ari dijagragkeun kanyataan sarupa kieu mah asa ku kagila-gila. Naha enya jalan éta nu panghadéna? Sakieu ogé geus dijejeléh ku saeusi dunya, iwal ti nu papadana. Anapon néang mati sahidna, bet naha lir geus teu werat ngayonan beuratna bajoang di alam dunya.

    Hirup jeung kahirupan. Amanah ti Nu Mahakawasa, Allah Swt. Sok sakukamaha sangsarana ieu kahirupan keur ummat anu hayang mangéran sagemblengna ka Mantenna, hirup dina jalan katangtuan ti Mantenna, apanan sifat rohman rohim Mantenna mah ngalimpudan alam jagad saeusina. Bet maké putus asa?

    Lamun seug jalan 'kulawarga para suhada' diturutan sakabéh jalma, naha enya ieu ajaran bakal jadi 'rahmatan lil' alamin' téa?

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi